Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:33

[1] Ku sabab eta, dulur-dulur, — nu jadi kanyaah reujeung katineung; nu jadi makuta jeung puseur kabungahan simkuring — sing pengkuh ka Gusti.

[2] Ka Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, simkuring mere pepeling: Sing sahate jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti!

[3] Ka saderek Sunsugos, ki sobat anu bumela, simkuring meredih: Muga ieu dua wanita teh dibantu. Maranehna geus enya- enya ngabantu ka simkuring ngamashurkeun Injil, — bareng jeung saderek Klemen katut batur-batur simkuring lianna — anu ngaran-ngaranna geus kacatetkeun dina Kitab Kahirupan.

[4] Dulur-dulur, sing ngarasa bagja salilana dina kamanunggalan jeung Gusti! Sakali deui, cek simkuring: Sing ngarasa bagja!

[5] Kasarehan aranjeun ge, keun sina katembong ku unggal jelema. Gusti Jungjunan urang teh tereh sumping.

[6] Ulah aya kasalempang di aranjeun mah. Sagala anu jadi pangabutuh aranjeun, unjukkeun bae ka Allah ku paneda dibarung ku muji sukur.

[7] Dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih, tangtu sih kurnia-Na, — anu moal kahontal ku akal — baris nengtremkeun jiwa aranjeun.

[8] Cindekna, dulur-dulur, kudu bisa milih-milih: Mana nu bener, nu mulya, nu adil, nu suci, nu picontoeun sarta kaajen, anu hade tur pujieun.

[9] Jalankeun sagala piwuruk katut conto-conto ti simkuring, boh anu mangrupa nasehat, boh nu mangrupa kalakuan. Upama kitu, Allah nu jadi tangkaling karahayuan, tangtu nyarengan ka aranjeun.

[10] Simkuring pohara asa bagjana, da ayeuna mah geus karasa gedena katineung aranjeun ka simkuring teh. Memang, ti beh ditu keneh oge, geus gede kamelang dulur-dulur ka simkuring teh; ngan nya kitu, bareto mah, aranjeun acan aya kasempetan pikeun ngabuktikeunana.

[11] Tapi simkuring nyarita kieu teh, lain pedah bareto ngarasa kakurangan; da simkuring mah, hirup teh, geus biasa cukup ku saaya-aya.

[12] Simkuring mah, geus teu bireuk deui kana ngalaman kekerehet atawa lubak-libuk teh.

[13] Hirup nu kumaha bae oge, simkuring mah kuat nandanganana. Tangtu eta teh lantaran dikuatkeun ku Anjeunna.

[14] Papadaning kitu, hade oge eta pangdeudeul ti dulur-dulur teh; eta hartina, yen aranjeun teh geus milu nyorang lara balangsakna simkuring.

[15] Aranjeun, saderek-saderek di Pilipi, tangtu aringet keneh basa simkuring miang ti Makedoni rek mimiti ngawawarkeun Injil tea; kapan anu pohara bumelana ka simkuring teh ngan aranjeun. Hiji-hijina jamaah anu daek sapapait samamanis enggoning ngabayuan keur kahirupan simkuring.

[16] Sabab ti keur di Tesalonika keneh oge, dulur-dulur teh nepi ka dua kali ngiriman, mantu-mantu pangabutuh simkuring.

[17] Saenyana, teu pisan-pisan simkuring malar pamere ti dulur-dulur. Ari nu dipalar teh, mugi eta kahadean aranjeun sing ngadatangkeun pahla pikeun kajembaran hirup aranjeun.

[18] Sakabeh pangabutuh simkuring, ayeuna mah, ku dulur-dulur geus dicumponan, malah leuwih ti kitu. Turug-turug ku kiriman aranjeun anu ditepikeun ku Epaproditus, simkuring nepi ka lubak-libuk. Eta pitulung aranjeun teh, di payuneun Allah, tangtu mangrupa hiji kurban anu seungit, kamanah, tur matak kayungyun.

[19] Allah anu ku simkuring disembah baris nyumponan sakabeh pangabutuh dulur-dulur, numutkeun kasugihana-Na karana kamulyaan dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih.

[20] Sagala puji ka sanggakeun ka Allah anu jadi Rama urang, sapapaosna. Amin.

[21] Pangnepikeun salam simkuring ka sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur anu babarengan jeung simkuring ge, ngahaturkeun salam ka aranjeun.

[22] Kitu deui umat Al Masih sejenna, pangpangna anu darines di karaton sang prabu.

[23] Sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka dulur-dulur sadaya.

Pilipi — Chapters