Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:05

[1] {1a} Cindekna mah, dulur-dulur, heug sing barungah dina kamanunggalan jeung Gusti. {1b} Simkuring teu hoream malikan papatah anu bareto, anu baris pisalameteun mah.

[2] Kahade sing ati-ati, loba anjing jahat, nya eta jelema-jelema tukang sunat palsu.

[3] Da urang mah geus narima sunat anu sajati. Urang mah ibadah ka Allah teh kalawan panuyun Ruh Allah. Urang mah muntang ka Al Masih, lain kana ciri lahir.

[4] Simkuring sorangan, upama tea mah rek ngandel ka anu kararitu, kacida munasabahna; malah leuwih munasabah, ti batan batur.

[5] Lantaran keur simkuring umur dalapan poe ge, geus disunatan; tur turunan Israil ti kaom Binyamin; urang Ibrani asli; ta'atna kana hukum Toret, simkuring teh ti madhab Parisi;

[6] malah simkuring mah, kacida sumangetna dina nganiaya jamaah Al Masih; kitu deui dina nyumponan hukum Toret, simkuring mah taya cawadeunana.

[7] Tapi sanggeus simkuring raket ngahiji jeung Al Masih, eta kabeh teh, anu tadina disangka nguntungkeun, sihoreng ngan ngarugikeun.

[8] Malah lain eta bae. Sanggeus terang yen Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan simkuring — estu mulya tanpa tanding; hal-hal sejenna mah, asa taya pangajina pisan; anu karitu mah geus dipiceun, — da ngan ukur runtah — malar diri bisa kapimilik ku Al Masih;

[9] bisana manunggal jeung Anjeunna teh, lain ku tarekah sorangan, — nya eta ku jalan ta'at kana hukum Toret — tapi ku lantaran percaya ka Al Masih. Nya ku lantaran percaya tea, simkuring ku Allah diangken jelema bener teh.

[10] Taya deui cita-cita simkuring, jaba ti hayang enya-enya wanoh ka Anjeunna, bisa ngarasakeun hikmat mujijat gugah-Na ti nu maraot, ancrub kana kasangsaraana-Na, sarta dina nyorang ajal oge, hayang kawas Anjeunna;

[11] kalawan pangarep-ngarep, yen simkuring bisa hudang deui ti nu maraot.

[12] Simkuring henteu boga angkeuhan geus hasil atawa geus sampurna. Tapi simkuring rek enya-enya ngudag eta tujuan, nepi ka beunangna. Sabab eta pisan anu ditugaskeun ku Isa Al Masih, nalika simkuring disaur ku Anjeunna teh.

[13] Dulur-dulur, simkuring henteu boga angkeuh geus bisa ngahontal eta cita-cita. Kieu nu enya mah: Nu geus kaliwat teh dipopohokeun, sateka-teka rek ngudag pikahareupeun.

[14] Ngudag teh junun ka anu jadi tujuan, ngalap pahla ti sawarga, numutkeun panyaur Allah ku karana Isa Al Masih.

[15] Sarerea ge, anu jiwana sawawa mah, kudu kitu tekad teh. Dina ayana salah saurang di aranjeun anu beda pamanggihna, tangtu ku Allah dipaparinan terang.

[16] Ku kitu ku kieu, tetep kudu junun ka anu jadi tujuan.

[17] Tuturkeun hirup simkuring, bari awaskeun batur nu hirupna nurutkeun conto ti simkuring sabatur-batur.

[18] Simkuring geus sering mepelingan aranjeun; ayeuna ge kitu, seja mepelingan deui bari jeung ceurik balilihan, yen loba pisan jelema anu milih jalan hirup anu sejen, jadi musuh-musuh Al Masih anu disalib.

[19] Nu karitu lampahna teh, pasti cilaka; da nu dilulugukeun teh ngan eusi beuteung bae; nu dipuhit ngan kagorengan wungkul; nu dipikiran ngan hal-hal kadunyaan.

[20] Tapi ari urang mah, warga-warga sawarga; ti dinya oge urang nganti-nganti sumpingna Juru Salamet teh, tegesna Isa Al Masih.

[21] Anjeunna baris ngarobah kaayaan diri urang anu kacida hinana, ngajadi sarua jeung salira-Na anu mulya, anu pangawasa-Na geus bisa ngungkulan saniskara.

Pilipi — Chapters