[1] Urang anu panceg iman, kudu nulungan ka batur anu imanna kurang panceg, mantuan ngahampangkeun kabeubeurat hatena. Ulah hayang ngeunah sorangan bae,
[2] jembarkeun hate dulur teh supaya imanna panceg deui.
[3] Kristus oge henteu senang-senang nyalira, sakumaha ceuk Kitab Suci, “Sagala panghina anu ditujukeun ka maraneh keunana ka Kami.”
[4] Anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan. Kitu eusi pangajaranana ka urang.
[5] Mugia ku pitulung Allah anu iasa nabahkeun jeung ngalilipur hate urang, aranjeun bisa sahate jeung pada dulur, nurutkeun conto ti Kristus Yesus,
[6] supaya bisa ragem sasora enggoning muji ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus.
[7] Kudu silih tarima jeung pada dulur, cara Kristus narima aranjeun, supaya matak mulya ka Allah.
[8] Sing aringet, Kristus geus ngawulakeun hirup-Na ka urang Yahudi, supaya kanyahoan yen Allah teh satia, kersa ngalaksanakeun sakur anu ku Mantenna geus dijangjikeun ka karuhun maranehna,
[9] jeung supaya bangsa-bangsa sejen oge ngamulyakeun ka Allah, muji welas asih-Na. Sakumaha ungel Kitab Suci, “Ku margi kitu abdi bade muji ka Gusti di kalangan bangsa lian, bade nganyanyikeun pupujian ka pajenengan Gusti.”
[10] Aya deui, “Eh bangsa-bangsa, sing saruka bungah reujeung umat Allah!”
[11] Aya deui, “Puji Pangeran, eh bangsa-bangsa; puji Mantenna, eh sakabeh manusa!”
[12] Aya deui, ieu saur Yesaya, “Ti turunan Isai, engke aya nu muncul saurang, anu bakal ngereh bangsa-bangsa, jadi pangharepan bangsa-bangsa lian.”
[13] Mugia Allah, sumber pangharepan urang, ka aranjeun maparin kasukaan jeung kanugrahaan lantaran aranjeun percaya ka Mantenna, supaya ku pangdeudeulna Roh Suci, aranjeun tetep ngaharep ka Mantenna.
[14] Dulur-dulur! Sim kuring yakin pisan yen aranjeun teh leber ku anu harade, sugih ku pangarti, sarta bisa silih papatahan.
[15] Tapi dina sawatara hal sim kuring dina ieu surat mepelingan sakitu peureusna. Dalah dikumaha da kitu pamenta tugasna ti Allah,
[16] enggoning jadi kawula Kristus Yesus, digawe pikeun bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Cara sim kuring nepikeun Injil Kasalametan ti Allah teh make cara imam, hayang supaya bangsa-bangsa nu lain Yahudi bisa layak disanggakeun ka Allah ku Roh Suci.
[17] Lamun geus bisa nepi ka kitu, sim kuring enggoning ngahiji jeung Kristus ngawula ka Allah teh meureun kacida reueusna.
[18] Wani soteh ngomong kieu ngan ku pedah geus bisa ngajalankeun gawe ti Kristus, nungtun bangsa-bangsa nu lain Yahudi sina aranut ka Allah. Tarekahna ku ucap, ku lampah,
[19] ku mujijat-mujijat jeung kaahengan-kaahengan ti Anjeunna, jeung ku kakawasaan Roh Allah. Ku cara kitu, Injil Kasalametan salengkepna ngeunaan Kristus, ku sim kuring geus diwawarkeun di sapanjang jalan ti Yerusalem nepi ka Ilirikum.
[20] Cita-cita sim kuring, ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah teh ngan hayang ka tempat-tempat anu tacan ngadarenge hal Kristus bae, sabab sim kuring teu hayang ngadegkeun di tempat anu geus digawean ku nu sejen.
[21] Sakumaha ceuk ungel Kitab Suci, “Anu tacan meunang warta hal Anjeunna, engke mah bakal narenjo; anu tacan ngadarenge, bakal ngalarti kana hal eta.”
[22] Tah kitu sababna nu matak saban rek datang ka aranjeun tara jadi bae teh.
[23] Ayeuna mah sugan bisa. Sim kuring tangtu datang ka aranjeun,
[24] urang sosonoan sawatara waktu. Geus kitu arek terus ka Sepanyol, mugi-mugi ku aranjeun dibantu supaya sim kuring bisa ka ditu.
[25] Tapi ayeuna mah arek ka Yerusalem heula keur kaperluan umat Allah di ditu,
[26] nya eta nganteurkeun duit sumbangan ti jamaah-jamaah di Makedoni jeung Ahaya, pikeun dulur-dulur urang anu mariskin di Yerusalem.
[27] Nyarumbangna teh nariatna sorangan bae. Tapi memang pantes maranehna nulung teh. Kapan pang bangsa-bangsa nu lain Yahudi mareunang rahmat rohani teh ku jalan urang Yahudi, jadi pantes lamun maranehanana mulang ku harta ka urang Yahudi.
[28] Lamun ieu geus beres, terus arek ka Sepanyol, bari liwat nyimpang ka aranjeun.
[29] Engke datang teh bari jeung mawa pirang-pirang berkah ti Kristus.
[30] Demi Gusti urang Yesus Kristus, jeung demi kanyaah anu asal ti Roh Allah, mugi-mugi aranjeun oge sing cara sim kuring, neneda ka Allah, mugi-mugi sim kuring ku Mantenna disarengan.
[31] Pangnedakeun, mugi-mugi sim kuring ku Allah diluputkeun tina ancaman urang Yudea anu henteu palercaya; mugi-mugi deui duit sumbangan tea bisa mulus ditarima hade-hade ku umat Allah di Yerusalem.
[32] Geus kitu mah, mun Allah marengkeun, datang ka aranjeun teh meureun bari jeung lugina hate, sarta bisa ngararasakeun bagjana papanggih jeung aranjeun.
[33] Mugia Allah, sumber kabagjaan urang, nyarengan aranjeun. Amin.