Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:39

[1] Aranjeun, para dunungan, ka gandek kudu adil jeung jujur. Kudu aringet, aranjeun oge kapan keur ngadunungan ka dunungan nu di sawarga.

[2] Kudu neneda sing cengeng, caringcing, jeung muji sukur ka Allah.

[3] Pangnedakeun sim kuring mugi ku Allah diparengkeun ngawawarkeun amanat Mantenna hal rasiah ngeunaan Kristus. Sim kuring ayeuna dipanjara teh ku karana perkara eta.

[4] Pangnedakeun supaya sim kuring perceka nerangkeun eta hal sakumaha mistina nepi ka tetela.

[5] Nyanghareupan jelema-jelema anu teu sakapercayaan, tiap kasempetan gunakeun sing bijaksana.

[6] Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.

[7] Hal kaayaan sim kuring bakal dicaritakeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, anu satia maturan sim kuring ngalakonan gawe ti Gusti.

[8] Anjeunna dihaja dijurung ka dieu sina nyaritakeun kaayaan sim kuring supaya aranjeun teteg.

[9] Ka dieuna bakal dibaturan ku Onesimus, dulur nu satia asal ti dieu ti aranjeun. Sagala rupa kajadian di ditu engke ku aranjeunna dicaritakeun.

[10] Salam ti Aristarkus anu bareng dipanjara jeung sim kuring. Salam ti Markus alona Barnabas (anu ceuk sim kuring bareto tarima lamun anjeunna ka dieu engke).

[11] Salam ti Yosua, anu sok disebut oge Yustus. Ti antara urang Yahudi anu geus sakapercayaan, ngan aranjeunna tiluan anu maturan sim kuring ngalakonan gawe ngemban parentah Allah. Kacida nulungna.

[12] Salam ti Epapras anu asalna ti kalangan aranjeun keneh, abdina Kristus Yesus anu tara kendat-kendat mangnedakeun aranjeun. Mantep pisan nenedana ka Allah, mangnyuhunkeun supaya Mantenna nguatkeun jeung nyampurnakeun kayakinan iman aranjeun supaya enya-enya gumusti kana pangersa-Na.

[13] Katembong pisan banting tulangna pikeun aranjeun kitu deui pikeun urang Laodikea jeung Herapolis.

[14] Salam deuih ti tabib Lukas jeung ti Demas.

[15] Pangnepikeun salam sim kuring ka dulur-dulur sakapercayaan di Laodikea, kitu deui ka saderek Nimpa jeung dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna.

[16] Ieu surat lamun ku aranjeun geus dibaca, pangmacakeun ka jamaah di Laodikea. Sabalikna, baca engke surat anu engke bakal dikirimkeun ku dulur-dulur di Laodikea.

[17] Pangnepikeun amanat sim kuring ka Arsipus: ‘‘Laksanakeun padamelan ti Gusti nepi ka rengse.’’

[18] Salam sono sim kuring, Paulus. (Ieu ditulisna ku leungeun sorangan.) Ulah paroho, sim kuring teh dipanjara keneh! Mugi Gusti maparinkeun sih kurnia-Na. Wassalam, Paulus

Serat Paulus Ka Jamaah Kristen Di Kolosa — Chapters