Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:04

[1] Dulur-dulur! Geus dua kali ieu sim kuring nyuratan teh. Boh nu ti heula boh nu ieu, maksud teh ngageuing pikiran-pikiran murni aranjeun.

[2] Sing aringet salawasna kana pilahir nabi-nabi saruci baheula, kitu deui kana timbalan Gusti Jurusalamet anu ditepikeun ku rasul-rasul.

[3] Babakuna aranjeun kudu terang, yen dina mangsa-mangsa ahir jaman ieu bakal aya jelema-jelema tukang ngajujur napsu anu bakal maroyok ka aranjeun,

[4] pibasaeunana, “Kristus teh lain geus jangji rek datang deui? Mana? Da ti semet maot karuhun, naon-naon oge dengdeng bae kaayaanana cara keur jaman dunya mimiti ngadeg!”

[5] Maranehna ngahaja pura-pura teu nyaho yen baheula langit jeung bumi jadina teh ku karana timbalan Allah, dijadikeun tina cai jeung ku cai,

[6] sarta dibasmina oge eta dunya nu baheula teh ku cai deui, ku caah dunya.

[7] Ari langit jeung bumi anu ayeuna, dimumulena ku Pangandika Allah keneh, sarta bakal dibasmi ku seuneu. Ayeuna diingkeun keneh, ngadago waktuna, nya eta dina poean ngabasmi jelema-jelema doraka.

[8] Tapi dulur-dulur ulah poho, mungguh di Allah mah sapoe jeung sarebu taun ge taya bedana, sarua bae.

[9] Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.

[10] Poe pisumpingeuna-Na Gusti teh hamo kataksir iraha, cara urang teu bisa ngira-ngira iraha pidatangeunana bangsat. Dina Poe eta langit bakal leungit, sorana ngagulugur, sarta barang-barang langit bakal lebur ku seuneu, bumi katut saeusina musna kahuru.

[11] Ku sabab kabeh bakal dilebur saperti kitu, aranjeun rek jadi jalma kumaha? Kudu hirup beresih jeung sumerah ka Allah,

[12] bari ngarep-ngarep kana eta Poean Allah, jeung ihtiar supaya eta waktu tereh cunduk. Dina Poe eta langit bakal lebur dihuru, unsur-unsur jagat raya bakal ajur ku seuneu.

[13] Tapi ari urang mah aya anu diarep-arep, nya eta langit anyar jeung bumi anyar anu diereh ku kaadilan, sakumaha anu geus dijangjikeun ku Allah.

[14] Ku sabab kitu dulur-dulur, sabot ngadago eta Poe teh kudu sakuat-kuat hirup beresih taya cawadeunana di payuneun Allah, sarta sing rumaket ngabdi ka Mantenna.

[15] Kasabaran Pangeran teh saenyana maparin tempo supaya aranjeun salamet sakumaha saur Paulus dulur sim kuring dina suratna ka aranjeun. Paulus nyaurkeun kitu teh ku karana hikmah ti Allah.

[16] Unggal nyuratan anjeunna tara luput nyaurkeun eta hal. Dina surat-suratna teh aya sababaraha hal anu hese kahartina. Nu sambewara jeung imanna loncer mah ngahartikeunana teh mengkol, da bagian-bagian sejenna deui tina Kitab Suci oge sok dipengkolkeun, matak niwaskeun sorangan.

[17] Ari aranjeun mah tangtu ngarti, dulur-dulur! Sing waspada bae, ulah kasasabkeun ku jelema-jelema anu ingkar tina parentah-parentah Allah, bisi cilaka.

[18] Sing terus mekar dina sih kurnia jeung pangarti kana hal Gusti jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus. Sanggakeun puji ka Anjeunna, ayeuna, salalanggengna! Amin. Wassalam, Petrus

Serat Petrus Nu Kadua — Chapters