Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:45

[1] Pangpangna bapa menta supaya hidep mangnyuhunkeun, mangnedakeun, mangnyambatkeun, jeung mangsukurkeun ka Allah pikeun jalma rea,

[2] pikeun kapala-kapala nagara, jeung pikeun kapala-kapala pamarentahan. Suhunkeun supaya urang hirup teh ayem jeung tengtrem, ibadah ka Allah, peryoga lampah.

[3] Paneda kitu hade, sapuk jeung kahoyong Allah Jurusalamet urang,

[4] anu mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti,

[5] nya eta: Allah teh hiji, jeung ngan hiji bae jalan anu ngahijikeun manusa jeung Allah, nya eta manusa Kristus Yesus,

[6] anu geus ngurbankeun anjeun supaya kabeh manusa bisa disalametkeun. Ku jalan kitu, Allah teh dina mangsana geus ngabuktikeun kahoyongna nyalametkeun sakabeh manusa.

[7] Sarta nya ku karana eta bapa diutus jadi rasul jeung guru pikeun jalma-jalma nu lain Yahudi, nguarkeun kapercayaan jeung kayaktian anu dianut ku anu palercaya ka Kristus. Bapa henteu bohong. Ieu ucapan bapa teh saenyana!

[8] Di unggal jamaah, lalaki anu ngabaktikeun diri ka Allah kudu neneda namprakkeun leungeun kalawan hate beresih, bebas tina kaambek jeung unek-unek.

[9] Mun awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi, buuk tong dimodel-model, pakean tong nu mararahal, awak ulah reuceum ku perhiasan emas atawa mutiara.

[10] Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah.

[11] Awewe mah kudu lungguh andalemi,

[12] ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.

[13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.

[14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.

[15] Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.

Serat Paulus Nu Kahiji Ka Timoteus — Chapters