Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:54

[1] Saterusna dulur-dulur, aranjeun geus diajar kumaha kuduna hirup anu sapuk jeung pangersa Allah, sarta ku aranjeun geus dilakonan. Parandene kitu kalayan asmana Gusti sim kuring menta supaya sing leuwih gumati ngalakonanana.

[2] Pituduh-pituduhna aranjeun geus terang, geus dibere ku sim kuring ku kakawasaanana Gusti Yesus.

[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.

[4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,

[5] ulah make polah anu cabul cara jelema anu can nyaho ka Allah.

[6] Tumali jeung hirup suci tea, kade ulah aya anu salah pameta ka sasama sakapercayaan atawa ngarah kauntunganana. Ngeunaan ieu hal aranjeun geus diomongan, jeung geus diomat-omatan pisan yen sakur anu milampah kitu teh bakal nandang panyiksa ti Gusti.

[7] Urang disaur ku Allah teh lain malar hirup cabul, tapi supaya hirup urang kamanah Mantenna.

[8] Jadi sing saha anu nolak ieu papatah, lain nolak ka manusa, tapi nolak ka Allah anu geus maparinkeun Roh-Na anu suci ka aranjeun.

[9] Ari hal silih pikanyaah jeung batur sakapercayaan mah ku sim kuring teu perlu diwincik deui, da geus tarerang sorangan tina piwulang Allah kumaha kuduna,

[10] malah ku aranjeun geus dilarapkeun ka dulur-dulur di Makedoni. Ngan pamenta sim kuring sing leuwih ti kitu.

[11] Usahakeun hirup ayem, jeung ulah campur kana urusan batur, kudu digarawe neangan napkah sorangan sakumaha ceuk sim kuring bareto,

[12] supaya hirup henteu gumantung kana pitulung batur, jeung supaya diajenan ku anu henteu palercaya ka Kristus.

[13] Dulur-dulur, sim kuring hayang nerangkeun kumaha saenyana kaayaan jalma ari geus paeh. Aranjeun teu kudu sedih ku hal eta, saperti jelema-jelema sejen anu teu boga pangharepan.

[14] Urang percaya yen Yesus geus gugah tina pupus-Na. Ku sabab eta kudu percaya yen sakur anu maotna percaya ka Yesus, tangtu ku Allah bakal dihirupkeun deui sangkan babarengan deui jeung Anjeunna.

[15] Sim kuring ngabejaan, kieu piwulang Gusti tina hal eta: Sakur anu hirup keneh dina wanci Gusti sumping, moal diheulakeun ti nu geus maraot ti heula.

[16] Engke bakal aya sora tarik aba-aba ti malaikat utama, jeung sora tarompet Allah, geus kitu Gusti ku anjeun bakal lumungsur ti sawarga. Anu bakal dihirupkeun ti heula teh anu maraotna percaya ka Kristus.

[17] Ari anu harita harirup keneh bakal dikumpulkeun jeung eta, dibawa bareng kana mega ngadeuheus ka Gusti di awang-awang, saterusna hirup reureujeungan jeung Gusti.

[18] Tah ieu pangajaran teh gunakeun pikeun silih hatean jeung batur.

Serat Paulus Nu Kahiji Ka Jamaah Kristen Di Tesalonika — Chapters