Skip to content
Opens in a new window

[1] Aranjeun jadi kuat lantaran ngahiji jeung Kristus. Bisa senang hate lantaran dipikaasih ku Anjeunna. Aranjeun diaping ku Roh Allah, harade hate jeung silih karunyaan pada batur.

[2] Sing sahate deuih, sakanyaah, sajiwa, sapikiran, sangkan hate sim kuring leuwih senang.

[3] Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.

[4] Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.

[5] Kudu nyonto kana sikep Yesus Kristus:

[6] Anjeunna teh kagungan sipat Allah. Najan kitu taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah.

[7] Malah-malah ngantunkeun sagala kamulyaana-Na, nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula, kersa saharkat jeung jalma, jeung nganggo rupa manusa.

[8] Ngarendahkeun anjeun, tunduk tumut ka Allah nepi ka pupus, pupus lantaran disalib.

[9] Ku sabab kitu ku Allah dijungjung luhur, dipasihan gelaran anu unggul ti batur.

[10] Sakumna mahluk di sawarga, di bumi, jeung di handapeun bumi, bakal ngajungjung jenengan Yesus, deku sujud ka Anjeunna.

[11] Kabeh bakal ngaku Yesus Kristus teh Gusti. Ku hal eta Allah Rama dimulyakeun.

[12] Ku sabab kitu dulur-dulur, sanggeus urang pajauh kieu, papatah sim kuring teh turut sing leuwih ti waktu urang keur reureujeungan keneh. Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.

[13] Sabab Allah ku manten oge aya jeung barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.

[14] Lampahkeun sagala kawajiban ulah bari kukulutus atawa cekcok.

[15] Tembongkeun yen aranjeun mulus laku beresih hate, sampurna taya kuciwa, sakumaha layakna anu jadi putra Allah di tengah jelema-jelema nu teu balener di ieu dunya nu pinuh ku dosa. Enggoning ngawartakeun wawaran perkara hirup ka nu sejen, kudu jadi saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit. Lamun kitu, munasabah mun dina poean Kristus sumping sim kuring agul ku aranjeun teh, da bukti usaha jeung pagawean sim kuring henteu mubadir.

[17] Bisa jadi nyawa sim kuring kudu jadi kurban cara iman aranjeun anu dikurbankeun ka Allah. Lamun enya kudu nepi ka kitu, sim kuring atoh jeung milu bungah ka aranjeun.

[18] Sabalikna aranjeun oge kudu atoh ku eta hal sim kuring jeung milu bungah ka sim kuring.

[19] Lamun aya widi Gusti, sim kuring ngaharep bisa buru-buru ngutus Timoteus ka aranjeun, hayang meunang bejana supaya teteg.

[20] Ngan anjeunna saurang di ditu mah anu saperasaan jeung sim kuring, jeung kacida mikamelangna ka aranjeun.

[21] Batur mah ngan ngaruruskeun kapentingan dirina bae, cul urusan pikeun Yesus Kristus.

[22] Timoteus mah ku aranjeun ge geus kanyahoan alus. Jeung sim kuring mah mani kawas anak jeung bapa, totomplokan digawe babarengan nguarkeun wawaran tea.

[23] Lamun perkara sim kuring geus puguh katangtuanana, anjeunna rek terus diutus.

[24] Sim kuring pribadi mun geus aya widi Gusti rek buru-buru nepungan ka aranjeun.

[25] Ari Epaproditus anu ku aranjeun dijurung ngabantu sim kuring, asa perlu disina mulang. Anjeunna geus milu sabilulungan jeung sim kuring.

[26] Ayeuna geus sonoeun, jeung melangeun sieun aranjeun susah dumeh meunang beja anjeunna teu damang.

[27] Memang, repot teu damangna, meh bae. Tapi sukur Allah mikawelas, tur lain ka anjeunna bae, ka sim kuring oge deuih nepi ka sim kuring teu tambah kasusah.

[28] Eta sababna sim kuring beuki perlu ngajurung anjeunna mulang nepungan aranjeun sangkan aranjeun bungah, kasusah sim kuring ge leungit.

[29] Bageakeun, tarima sing bungah eta dulur sakapercayaan teh. Jelema kawas anjeunna wajib dihormat sakumaha layakna.

[30] Ngabantuna ngalakonan kawajiban ti Kristus ngawakilan aranjeun teh mani tega kana pati, nepi ka mehmehan tiwas.

Pilipi — Chapters