[1] Sing kuat anaking, da urang teh geus meunang rahmat ku jalan ngahiji jeung Yesus Kristus.
[2] Pangajaran anu ku hidep kadenge tina embaran bapa ka jalma rea tea, percayakeun ka jelema anu bisa diandelkeun, sina diajarkeun ku manehna ka nu sejen.
[3] Hidep kudu jadi prajurit Yesus Kristus anu satia, anu henteu jejerih sieun sangsara.
[4] Prajurit anu hayang nyenangkeun hate kapalana, ngajalankeun tugasna teh moal bari nguruskeun sual-sual anu henteu patali jeung tugasna.
[5] Olahragawan moal jadi juara lamun henteu tunduk kana katangtuanana.
[6] Patani kakara bisa ngala hasil tanina lamun enggeus banting tulang.
[7] Lenyepan ieu omongan bapa, engke ku kersaning Gusti ku hidep bakal kaharti.
[8] Ingetkeun eusi Injil Kasalametan anu diwurukkeun ku bapa teh, nya eta: Yesus Kristus turunan Daud geus gugah tina pupus-Na.
[9] Ku sabab ngawurukkeun eta Injil Kasalametan, bapa nepi ka jadi sangsara, malah dirante kawas penjahat. Tapi sabda Allah mah moal beunang dirante,
[10] sarta nya eta sababna nu matak bapa tabah nadah sagala cocoba, keur kapentingan jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah, supaya maranehna ge mareunang kasalametan ti Yesus Kristus, supaya baragja salalanggengna.
[11] Bener sakumaha ieu pitutur: “Anu milu paeh ka Anjeunna, bakal milu hirup jeung Anjeunna.
[12] Mun urang kuat nandangan, bakal milu jeung Anjeunna ngarajaan. Lamun urang ka Anjeunna nolak, urang ge ku Anjeunna bakal ditolak.
[13] Mun urang henteu satia, Anjeunna mah tetep satia. Sabab Anjeunna teu iasa ngabobodo salira-Na ku anjeun.”
[14] Ingetkeun jalma-jalma kana hal ieu, geuing di payuneun Allah yen ulah sok parebut omong perkara sabda, taya hadena, ngan matak bingung ngadengena.
[15] Hidep sing sakedah polah sangkan kaanggo ku Allah, jadi pagawe anu teu era ngemban parentah Mantenna, jeung bener ngajarkeunana amanat kayaktian Allah.
[16] Singkiran sual jawab gejul jeung teu pantes kadengena, anu temahna ngajauhkeun jalma-jalma ti Allah.
[17] Aya duaan anu kitu pangajaranana, Himenius jeung Piletus. Pangajaran kitu lir bohak nu geus buruk dina daging.
[18] Eta nu duaan geus ingkar tina kayaktian. Ceuk maranehna hudangna manusa tina maot teh geus kajadian, nepi ka matak marudah iman jalma-jalma anu geus palercaya ka Allah.
[19] Tapi dadasar anu diadegkeun ku Allah teh weweg moal beunang kaoyag-oyag. Dina eta pademen aya kalimah kieu: “Pangeran uninga ka umat kagungana-Na.” Jeung: “Nu ngaku jadi umat Pangeran kudu eureun migawe kasalahan.”
[20] Di hiji imah gede aya rupa-rupa piring jeung mangkok. Aya nu tina perak jeung emas, aya nu tina kayu jeung taneuh. Aya nu pakeeun dina pesta, aya nu pakeeun sapopoe. il 2,80,34B *Rupa-rupa parabot (2:20)*
[21] Jalma anu beresih tina kajahatan bakal dipake pikeun pagawean anu penting, husus keur Gustina baris dianggo ngajalankeun pagawean-pagawean mulya.
[22] Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.
[23] Ulah daek diajak padu sual-sual anu mahiwal jeung taya pulunganeunana. Ku hidep bisa kajudi kikituan teh tungtungna pasea.
[24] Abdina Gusti mah ulah pasea, ka itu ka ieu kudu someah, ngajar kudu bageur jeung sabar.
[25] Mun menerkeun kasalahan lawan kudu leuleuy, sugan bae lawan teh ku Allah dikersakeun tobat daek narima kayaktian,
[26] lilir pikirna, leupas tina cangkereman Iblis anu maksa sangkan korbanna nurut kana parentahna.