Skip to content
Opens in a new window

[1] Doakeun sim kuring dulur-dulur. Pangnedakeun sing bisa neruskeun nyebarkeun amanat Gusti, sing gancang hasil reujeung gumilang kawas di aranjeun.

[2] Doakeun oge, mugi sim kuring ku Allah dijaga ti jalma nu niat jahat, ma'lum moal unggal jalma percaya kana eta amanat teh.

[3] Tapi aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.

[4] Sim kuring diyakinkeun ku Gusti, percaya yen aranjeun keur ngalakonan hal anu dipapatahkeun ku sim kuring, sarta bakal pengkuh saterusna kana hal eta.

[5] Mugia aranjeun ku Gusti dikersakeun tambah ngarti kana kaasih Allah sarta tahan uji saperti Kristus.

[6] Dulur-dulur! Kalawan nyambat jenengan Gusti urang Yesus Kristus, sim kuring meredih ka aranjeun, jauhkeun diri ti jelema anu kedul, jeung ti anu teu daek ngagugu kana papatah sim kuring.

[7] Aranjeun pribadi terang kumaha kuduna nyonto kana lampah sim kuring. Waktu sim kuring di aranjeun keneh geuning jajauheun tina hirup kedul.

[8] Sagala anu katarima teu aya anu ku sim kuring teu dibayar. Beurang peuting digawe banting tulang, embung nyusahkeun ka aranjeun anu mana bae oge.

[9] Lain ku sabab sim kuring teu aya hak menta balanja, tapi maksud teh arek nyontoan ka aranjeun.

[10] Bareto basa keur di dieu keneh geuning sim kuring biasa sok ngomong kieu, “Nu embung digawe mah tong dibere dahar!”

[11] Ngomong kitu soteh lantaran ngadenge carita yen di aranjeun aya jelema-jelema anu kedul, anu gawena taya lian ti ngan ngarerecok urusan batur.

[12] Ka jelema anu kitu, kalawan asmana Gusti Yesus Kristus sim kuring meredih jeung ngelingan kudu hirup tartib jeung kudu daek baranggawe keur kipayah hirupna.

[13] Ari aranjeun dulur-dulur, omat ulah bosen-bosen migawe anu hade.

[14] Tapi teu mustahil aya anu embung ngagugu kana ieu amanat anu ku sim kuring ditulis dina ieu surat. Lamun aya, cirian, tong dicampuran, sina eraeun.

[15] Tapi ulah dimusuhan, pepelingan bae sakumaha pantesna ka dulur.

[16] Mugia Gusti ku anjeun anu jadi sumber katengtreman urang, saban-saban waktu nengtremkeun ka aranjeun dina sagala perkara. Mugia Mantenna nyarengan ka aranjeun.

[17] Salam sono sim kuring, Paulus. Tah ieu mah tulisan sim kuring pribadi. Kitu tanda tangan sim kuring dina unggal-unggal surat.

[18] Mugia Gusti urang Yesus Kristus maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun. cl Wassalam, Paulus

2 Tesalonika — Chapters