Skip to content
Opens in a new window

[1] Sim kuring anu ku Allah dikersakeun ngabantu padamelana-Na kacida ngaharepna, muga eta sih kurnia Allah teh ulah dilalaworakeun.

[2] Timbalan Allah kieu: “Sanggeus nitih kana wancina Kami kudu ngurniaan ka maneh, Kami terus ngamakbul panyambat maneh. Sanggeus datang poena Kami kudu nyalametkeun ka maneh, Kami terus nulungan ka maneh.” Dulur-dulur! Nya ayeuna wancina pikeun narima eta sih kurnia Allah teh. Nya ayeuna poena pikeun disalametkeun teh!

[3] Sim kuring teu ngarepkeun aya jalma anu nyalahkeun kana pagawean sim kuring. Jadi sim kuring geus ihtiar sangkan ulah matak ngahalang-halang ka batur.

[4] Sabalikna, dina sagala hal sim kuring sabatur-batur nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah, ku jalan sabar tawekal dina kasusah, dina karerepet, dina kasukeran.

[5] Sim kuring jeung batur-batur disiksa, dipanjara, jeung dikoroyok; digarawe popohoan, remen teu sare-sare acan, malah sering teu manggih dahar.

[6] Ku kaiklasan, ku kabijaksanaan, ku kasabaran, jeung ku kasomeahan, sim kuring sababaturan nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah; oge ku pitulungna Roh Suci, jeung ku kanyaah anu wening,

[7] ku nguarkeun warta ti Allah, jeung ku kawasa Allah. Ari pakarang pikeun ngayonan lawan atawa ngabela diri nya eta kalempengan hate.

[8] Sok dihargaan, sok dihahangu, sok dipoyok, sok dipuji; ngomong perkara anu sayakti, malah dianggap tukang ngabohong;

[9] dianggap taya nu wawuh, tapi kabeh ge wawuheun; dianggap jelema geus paeh, padahal ku aranjeun ge kanyahoan hirup keneh; dikaniaya tapi teu dipaehan,

[10] dinalangsakeun, tapi asa bungah bae; malarat dina sareatna, tapi bisa ngabeungharkeun ka batur; nyatana taya kaboga, tapi sagala rupa ge boga.

[11] Dulur-dulur di Korinta! Tah sim kuring teh geus nyarita sabalakana ka aranjeun, ngabolekerkeun eusi hate.

[12] Jadi lain sim kuring anu henteu terus terang, tapi aranjeun anu henteu bruk-brak ka sim kuring.

[13] Ieu sim kuring ngomong ka aranjeun teh asa ngomongan anak. Muga perasaan aranjeun ka sim kuring oge sing kawas perasaan sim kuring ka aranjeun, jeung sing daraek bruk-brak!

[14] Kade ulah bareng baranggawe jeung anu henteu palercaya ka Allah, da moal aya beubeunanganana. Mana bisa nu bener ngahiji jeung nu teu bener. Mana bisa caang ngahiji jeung poek.

[15] Mana bisa Kristus samupakat jeung Iblis. Rek meunang kaboga naon anu palercaya ka Allah cacampuran jeung anu henteu palercaya?

[16] Mana bisa Bait Allah ngahiji jeung imah brahala? Urang teh Bait Allah anu jumeneng! Sabab timbalan Allah ku manten ge kieu: “Kami rek cicing di umat Kami, sarta hirup jeung maranehna; Kami baris jadi Allah maranehna, maranehna baris jadi umat Kami.”

[17] Ku sabab kitu Allah ngandika, “Tinggalkeun jalma anu daroraka, pisahkeun diri ti maranehna. Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis, tangtu maraneh ditarima ku Kami.

[18] Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami, anak lalaki, anak awewe, kitu timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa.”

2 Korinta — Chapters