Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:04

[1] Urang teh geus ditebus ku Al Masih, supaya jadi jelema merdika. Pageuhan eta kamerdikaan ti Al Masih teh, ulah beunang dijieun deui budak beulian!

[2] Simkuring, Paulus, ngingetan: Lamun aranjeun kudu disunatan keneh mah, atuh euweuh hartina Al Masih pikeun aranjeun teh!

[3] Sakali deui, sing inget: Sing saha anu disunatan, wajib tunduk kana sakabeh hukum Toret.

[4] Hayang jadi jelema bener ku jalan tunduk kana Toret mah atuh leupas ti Al Masih, pegat tina sih kurnia Allah.

[5] Kapan bisa ngaharep diangken bener teh, ngan ku pitulungna Ruh sarta ku karana iman.

[6] Sabab manunggal jeung Al Masih mah, disunatan atawa teu disunatan oge taya bedana. Nu penting mah darmaning iman anu kajurung ku rasaning kanyaah.

[7] Sakitu suhudna aranjeun bareto mah nyorang jalan anu bener teh. Ku naon henteu diteruskeun? Saha anu ngarobahna?

[8] Robahna kalakuan aranjeun kitu teh, lain ku kersaning Allah anu geus nyaur aranjeun tea.

[9] Cek babasan: «Ragi saeutik matak beukah saadonan.»

[10] Simkuring yakin, dumeh aranjeun papada sa-Gusti baris sapikiran jeung simkuring. Saha bae anu ngarobah aranjeun jadi kitu, tangtu kabendon ku Allah!

[11] Jeung deui, dulur-dulur, upama simkuring ngajarkeun yen disunat teh wajib hukumna, piraku simkuring teh tetep diarah-arah rek dikaniaya ku maranehna? Lamun enya kitu, atuh pangajaran simkuring ngeunaan salib teh moal diaranggap tatajongan deui ku maranehna!

[12] Hadena mah, maranehna, nu sok ngahasud ka aranjeun teh, sina ngabiri dirina sorangan bae!

[13] Kapan aranjeun mah, dulur-dulur, geus disaur ka alam merdika. Cik, eta kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan lampah doraka. Anggur pake silih tulungan bari silih pikaheman.

[14] Kapan parentah Toret oge, kabehanana, geus kawengku ku hiji timbalan anu unina: «Kudu nyaah ka batur lir ka awak sorangan.»

[15] Ari silih cakar atawa silih reweg kawas sato mah, ahirna mah matak silih legleg. Kahade, sing waspada!

[16] Ku sabab eta, hirup teh kudu nurutkeun Ruh, supaya ulah kaereh ku pangajak napsu.

[17] Ari pangajak napsu teh, salawasna ge, ngalawan bae kana pangersana Ruh. Kitu deui Ruh, nya ngalawan oge kana pangajak napsu teh. Duanana silih lawan, temahna aranjeun hamo bisa ngalampahkeun naon-naon, sakumaha cita-cita.

[18] Tapi upama aranjeun pasrah kana panuyun Ruh, moal keuna ku hukum Toret.

[19] Buah-buahna pangajak napsu teh nya eta: Rucah, jinah, ngalajur napsu,

[20] muja brahala, ngelmu sihir, mumusuhan, pasea, sirik-pidik, panasan, mentingkeun maneh, resep ribut, ngabengkahkeun,

[21] hiri dengki, resep mabok, sukan-sukan balakecrakan, jeung salian ti eta. Sakumaha anu enggeus-enggeus, simkuring ayeuna ngelingan sakali deui: Sing saha anu lampahna kitu, hamo meunang tempat di Karajaan Allah.

[22] Ari buah-buah padamelan Ruh, nya eta: Nyaahan, gumbira, tengtrem hate, sabar, karunyaan, hade lampah, satia,

[23] darehdeh, kuat mengkek napsu. Kabeh oge taya anu patonggong-tonggong jeung hukum.

[24] Saha bae anu geus anut ka Al Masih, sagala napsu jahatna katut angen-angenna nu goreng teh, geus paeh digantung dina salib.

[25] Upama urang hirup teh ku pangawasa Ruh, atuh kudu nurut kana panuyun Ruh.

[26] Kahade, ulah malar kahormatan tanpa guna, ulah silih kakalakeun, sarta ulah silih dengkian.

Galata — Chapters