[1] Aranjeun anu jadi dunungan, masing adil, masing jujur ka anu jadi bujang; lantaran aranjeun oge, sarua keur kumawula ka Dunungan anu linggih di sawarga.
[2] Sing manteng dina paneda, sing caringcing, sarta kudu muji sukur ka Pangeran.
[3] Pangnedakeun deuih simkuring, mugi ku Allah diparengkeun bisa ngawawarkeun Injil-Na, medarkeun rasiah hal Al Masih, anu jadi sabab pangna simkuring ayeuna dipanjara.
[4] Pangnedakeun, supaya simkuring wani nyaritakeunana kalawan satarabasna, sakumaha mistina.
[5] Dina nyanghareupan golongan anu teu palercaya, aranjeun kudu lantip. Satungtung aya keneh waktu mah, aranjeun kudu enya-enya digawe teh.
[6] Nyarita kudu hade tur lantip, supaya bisa mere jawaban anu merenah ka saha bae oge.
[7] Hal kaayaan simkuring baris ditepikeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, pangbantu anu satia tur rajin ngabantuan enggoning ngalampahkeun tugas ti Gusti; nya jelema pikanyaaheun tea.
[8] Anjeunna dijurung nepungan teh, supaya dulur-dulur terang kana kaayaan simkuring. Jaba ti eta, geusan ngareugreugkeun hate aranjeun ongkoh.
[9] Datangna teh, anjeunna baris dibarengan ku Onesimus, anu sarua rajinna jeung matak pikanyaaheunana; nya asal teh, kapan ti dulur-dulur keneh. Aranjeunna baris nyaritakeun sagala rupa anu kajadian di dieu.
[10] Aya salam ti Aristarkus anu bareng dipanjara jeung simkuring. Oge ti saderek Markus, alona saderek Barnabas tea. Ari hal-ihwal anjeunna mah, dulur-dulur oge geus dipopoyanan. Muga ku dulur-dulur diaku sing hade.
[11] Aya deuih salam ti Isa tea, anu katelah Yustus. Ti antara urang Masihi Yahudi mah, ngan ieu bae anu tiluan anu marilu baranggawe jeung simkuring pikeun karajaan Allah teh.
[12] Oge salam ti Epapras, abdina Isa Al Masih, nya anu asal ti dulur-dulur keneh. Anjeunna kacida neda-nedana ka Allah, nyuhunkeun supaya iman dulur-dulur dipengkuhkeun, dipaparin kasadaran pikeun tumut ka pangersa Allah.
[13] Simkuring terang pisan, kumaha soson-sosonna anjeunna digawe pikeun aranjeun; kitu deui, pikeun dulur-dulur saiman di Laodikea jeung di Herapolis.
[14] Sobat simkuring, tabib Lukas sarta saderek Demas ngahaturkeun salam.
[15] Pangnepikeun salam ti simkuring, ka dulur-dulur di Laodikea jeung ka saderek Nimpa katut dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna.
[16] Upama ieu surat geus dibaca di aranjeun, ihtiarkeun supaya dibaca deuih di hareupeun jamaah Laodikea. Kitu deui, surat anu ditujulkeun pikeun jamaah Laodikea oge hade ku dulur-dulur dibaraca.
[17] Pangnepikeun ka Arsipus: Omat, sing junun ngalampahkeun tugas ti Gusti teh.
[18] Salam sono simkuring, Paulus. Kalimah ieu mah ditulis ku simkuring sorangan. Masing inget, simkuring teh keur dipanjara. Mugi sadayana marendak sih kurnia ti Allah.