Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:10

[1] Anaking! Dina jaman ahir bakal aya rupa-rupa kasukeran.

[2] Jalma-jalma jaradi sararakah, piduit kabina-bina, takabur, galede hulu, upatan, ngalawan ka kolot, taya panarima, ngapilainkeun ka Allah,

[3] ilang kanyaah, ahli ngagogoreng, ngumbar napsu, telenges, dedegler,

[4] hianat, nekad, mokahaan, ieu aing, batan ibadah anggur biur ngecak-ngebur.

[5] Ibadahna teh, ti luarna wungkul; ari jero-jerona mah, teu dipake. Anu kararitu teh kudu singkiran sing jauh!

[6] Aya deui anu sok unjung-anjang ka imah batur jeung mangaruhan awewe-awewe anu gampang kaolo, anu geus kabugbrugan dosa, sarta karimbunan napsu-napsu.

[7] Awewe-awewe eta teh, teu weleh-weleh ngulik kana bebeneran mah, tapi tetep teu nyaho kana kayaktian.

[8] Eta teh, ku lantaran ngalawan kana kayaktian, nepi ka ruksak budina pecat imanna. Awewe-awewe nu kitu teh, teu beda ti Yanes jeung Yambres, anu baheula ngalawan ka Musa tea.

[9] Lian ti eta, kalakuan anu kararitu mah, moal bisa lana; geuning kawas Yanes jeung Yambres tea ge, kabodoanana teh, baris gancang-gancang katangar ku sarerea.

[10] Sukur, hidep mah satia kana pangajaran bapa, kalakuan bapa, pamadegan bapa, iman bapa, kasabaran bapa, kanyaahan bapa, sarta kapengkuhan bapa. Hidep ge, geus nyorang dikaniaya jeung sangsara,

[11] sakumaha nu geus kaalaman ku bapa di Antioki, Ikonium jeung di Listra tea. Bapa geus nandangan kaniaya-kaniaya eta jeung Gusti ge, geus ngaleupaskeun bapa tina sakabeh kaniaya.

[12] Memang, anu ibadah ka Allah jeung percaya ka Isa Al Masih mah geus pasti nandangan panganiayaan.

[13] Tapi mungguhing anu jahat mah, baris tambah jahat; tukang tipu ge, baris beuki maceuh bae tupa-tipuna teh; maranehna ngalakukeun hal eta, lain ka batur bae, tapi ka dirina sorangan oge.

[14] Kayaktian anu ku hidep enggeus kacangking tur geus jadi kayakinan. Hal eta, ku hidep kudu terus dicangking bari kudu eling ka anu merena.

[15] Inget, ti leuleutik hidep geus diajar Kitab Suci, anu ngalantarankeun hidep boga pangarti jeung nungtun kana kasalametan, ku jalan iman ka Isa Al Masih.

[16] Saeusining Kitab Suci teh, kabeh ge, wahyu ti Allah, keuna pisan pikeun ngadegkeun kayaktian, pikeun ngawuruk, pikeun nuduhkeun kasalahan, pikeun ngomean tingkah laku, nungtun kana hirup anu lempeng tur bener.

[17] Jadi, jelema-jelema nu jaradi abdi Allah teh, geus dilengkepan ku pangarti, supaya maranehna bisa ngalampahkeun sagala pagawean anu hade.

2 Timoteus — Chapters