[1] Paramitra! Geus dua kali jeung ieu, simkuring nyuratan teh. Eusina mah, sarua maksudna, nya eta tarekah seja mepelingan aranjeun.
[2] Malakmandar aranjeun areling terus kana pilahir nabi-nabi baheula nu saruci; kitu deui, kana timbalan Gusti Jungjunan urang sarta Juru Salamet, anu ditepikeun ku rasul-rasul anu daratang ka aranjeun.
[3] Anu kudu pohara diingetkeunana teh, nya eta: Dina mangsa-mangsa jaman ahir, bakal aya tukang-tukang nyacampah anu ngaberung. Maranehna bakal nyarieun lulucon anu eusina ngahina ka urang, basana:
[4] «Baruk, eta teh enggeus jangji arek datang deui? Ari ayeuna eukeur ka mana heula? Geuning ti sapesna karuhun urang, kaayaan teh angger keneh bae, dunya ngadeg ti baheula henteu robah-robah.»
[5] Maranehna ngahaja mopohokeun sajarah, yen baheula, sanggeus Allah ngandika, jleg langit jeung bumi ngajadi.
[6] Mopohokeun, yen bumi anu asal tina cai jeung ku cai; geus dibasmi ku cai oge, nya eta waktu aya caah sadunya tea.
[7] Mopohokeun, yen langit jeung bumi anu kiwari teh, oge dicawiskeun keur parab seuneu, sakumaha Pangandika Allah; ngan sabot ngadago wancina, nya eta Poean jelema-jelema anu daroraka dipariksa jeung ditibanan hukuman.
[8] Paramitra masing inget! Mungguh di Pangeran mah, sapoe jeung sarebu taun teh teu beda. Da pikeun Mantenna mah, sarua bae.
[9] Pangeran mah, kana ngalaksanakeun jangji teh, tara talangke cara ceuk sangkaan jelema. Nu saenyana mah, Mantenna, sabar-Na kalangkung-langkung ka aranjeun teh; dumeh kahoyong-Na mah, ulah aya saurang ge anu cilaka; sabalikna, kahoyong-Na mah, kabeh teh tarobat tina dosa-dosana.
[10] Demi Wanci pisumpingeuna-Na Gusti Jungjunan urang teh, hamo kataksir iraha, cara urang teu bisa naksir wanci pidatangeunana bangsat. Dina Wanci eta, langit baris ngiles sirna; sorana ngagulugur, unsur-unsur jagat raya lebur ku seuneu; kitu deui, bumi katut sagala eusina baris musna kaduruk.
[11] Jadi, ku sabab kabeh baris lebur ku jalan kitu; atuh hirup aranjeun teh kudu pohara suci kalawan takwana,
[12] bari sing manteng dina ngarep-ngarep jeung bajuang pikeun pisumpingeunna-Na eta Poean Gusti. Dina poe eta, langit lebur ku seuneu sarta unsur-unsur jagat buana ajur ku panas.
[13] Tapi mungguhing urang mah, pan pageuh ngarep-ngarep kana jangji Pangeran, Anu ngajangjikeun langit anyar jeung bumi anyar, pangancikan anu dicita-cita ku urang, anu diereh ku kaadilan.
[14] Sabab eta, dulur-dulur! Sajeroning nganti-nganti, aranjeun teh kudu bajuang; sangkan aranjeun, kasondongna ku Allah teh, ulah aya dina kaayaan cacad atawa nguciwakeun, malar bisa reureujeungan jeung Mantenna kalawan santosana.
[15] Kasabaran Pangeran ka urang teh, hartina Mantenna maparin tempo sangkan urang salamet; sakumaha anu geus disaurkeun ku Paulus, mitra simkuring, dina suratna ka aranjeun, dulur-dulur. Anjeunna nyebatkeun kitu teh lantaran kenging hikmat kapinteran ti Allah.
[16] Dina surat-suratna, unggal-unggal oge anjeunna tara luput, kudu bae nyarioskeun ieu perkara. Surat-surat anjeunna sok dieusi ku sababaraha hal anu muskil, matak hese kahartina. Ku jelema-jelema anu kurang pangarti tur kurang pengkuh imanna mah, hal eta, dihartikeunana teh sok diputerbalikkeun, nepi ka matakkeun maranehna cilaka: Nya cara kana tulisan-tulisan Kitab sejenna bae, maranehna, mun ngahartikeun teh sok diputerbalikkeun.
[17] Tapi mungguh aranjeun mah, ti samemehna oge, geus terang kana hal eta teh. Kari waspadana bae, malar ulah kasered ku anu salalasar, — nya eta jalma-jalma nu teu tara'at kana hukum — bisi matak poho kana cecekelan.
[18] Anggur sing leuwih rajin ngagunakeun bakat jeung pangarti kurnia ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, sarta Juru Salamet urang tea. Pikeun Anjeunna bae, kamulyaan teh, ti ayeuna dugi salalanggengna.