[1] Ieu serat ti simkuring, kokolot jamaah tea. Kahatur Ibu pinilih katut putra-putra, anu salamina cumantel dina hate. Anu nyaah ka Ibu teh, sanes simkuring bae; nanging sadayana, nya eta sakur anu parantos kenging pangajaran perkawis kayaktian.
[2] Eta kayaktian teh, parantos jadi milik urang sarta baris marengan saumur-umur.
[3] Mugi kurnia Rama, nya eta Allah, sareng Putra-Na — katut rahmat rahayu-Na — mayungan urang sadaya sajeroning nohonan jalan kayaktian jeung silih pikanyaah.
[4] Simkuring kalintang bingahna, basa tepang sareng sababaraha urang putra Ibu anu junun kana kayaktian, nohonan parentah-parentah Nu jumeneng Rama.
[5] Simkuring, nyeratan teh, sanes seja ngadongkapkeun parentah anyar. Ieu teh, parentah anu kapungkur keneh bae, — etang-etang ngemutan — nya eta parentah kedah silih pikanyaah tea.
[6] Ari silih pikanyaah teh hartina tumut kana timbalan Allah. Margi ti barang ku urang katampi oge, parentah ti Mantenna teh nya eta: Kudu silih pikanyaah. Ieu parentah anu kapungkur teh, ku urang kedah didamel patokan hirup.
[7] Sabab ayeuna mah geus seueur pisan tukang nyasabkeun teh, rabeng ka sakuliah jagat. Sanggem maranehna: Mustahil Isa Al Masih gumelar aya wujudna, miraga cara manusa. Maranehna memang satru-satru Al Masih, seja nyasabkeun ka urang.
[8] Kedah atos-atos, supados kekengingan urang didamel leres-leres teh kenging ganjaran anu layak, ulah dugi ka gagal.
[9] Anu tonggoy-tonggoy ingkar tina piwulang Al Masih, eta teh ngalesotkeun maneh ti Allah. Anu mantep kana piwulang-Na, hirupna manunggal sareng Allah katut Putra-Na.
[10] Upami Ibu kadongkapan ku nu mawa pangajaran sejen, ulah ditampi jeung ulah nyalaman.
[11] Sabab uluksalam ka nu karitu mah, sami bae sareng ngiring teu bener ka dinya.
[12] Seueur keneh carioskeuneun mah, nanging moal ku jalan serat. Urang sanggemkeun engke bae ari patepang, margi simkuring gaduh niat seja nepangan, supados karaos bingahna ku sadayana.
[13] Aya salam ti putra-putra saderek Ibu anu istri anu kapilih ku Allah tea.