Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:04

[1] Kalakuan-kalakuan anu goreng, tipu daya, palacidra, hiri dengki, jeung upat pitenah geura piceun.

[2] Kudu hirup lir anu kakara dijurukeun, digedekeun jeung dihirupan ku cisusu anu murni, nya eta cisusu anu rohani.

[3] Kudu kitu ari enya mah ngarasa kana kasaean Gusti.

[4] Kudu muntang ka Anjeunna. Anjeunna saibarat hiji batu hirup. Ku manusa dipiceun, ku Allah mah malah dianggo tur dibere pangaji.

[5] Aranjeun pribadi, kudu jaradi lir batu hirup nu digunakeun keur ngadegna bait suci rohani; ambeh aranjeun ngajadi hiji imamat anu suci, anu baku kana ngahaturkeun kurban rohani anu kamanah ku Allah lantaran Isa Al Masih.

[6] Sabab dina Kitab kaungel: «Hiji batu anu gede pangajina, ku Kami geus dipilih, dijadikeun batu juru adegan di Sion. Anu percaya ka dinya (ka Anjeunna), moal kawiwirangan.»

[7] Keur aranjeun anu percaya ka eta batu hirup teh, gede pangajina. Ari keur anu henteu percaya, ungelna Kitab teh kieu: «Batu anu dipiceun ku juru adegan, geus dijieun batu juru. Maranehna baris titajong, ngudupruk kana eta batu cadas.»

[8] Maranehna, anu henteu palercaya tea, memang titajong; da geus kitu nasibna.

[9] Sabalikna, aranjeun mah turunan anu kapilih, ngagem hak imam karajaan, jadi bangsa anu suci, umat Allah ku manten, anu geus ditangtukeun geusan nguarkeun padamelan-padamelan Mantenna anu aragung, nya eta anu nyaur dulur-dulur: Kaluar ti alam poek geusan asup kana cahaya Mantenna anu aheng.

[10] Asalna, dulur-dulur teh lain umat Allah, ayeuna jadi kagungana-Na. Anu tadina sepi ku piwelas Allah, kiwari henteu kendat dipiwelas dipiasih.

[11] Paramitra! Hirup di dunya teh ukur ngumbara. Kudu nyegah kahayang jasmani anu salawasna patonggong-tonggong jeung pangajak jiwa.

[12] Sing ati-ati hirup di tengah bangsa deungeun. Kudu jadi conto tuladaneun; kudu tembong ka sakur nu ngagorengkeun yen dulur-dulur teh estuning jelema hade, supaya maranehna daek teu daek baris ngagungkeun ka Allah di mana urang geus dilayad ku Mantenna.

[13] Ka nu nyepeng pamarentahan, demi Allah, masing ngesto, boh ka prabu anu nyepeng kakawasaan pangluhurna,

[14] boh ka pamarentah-pamarentah daerah anu dikawasakeun ngahukum nu salah jeung ngaganjar ka nu bener.

[15] Aranjeun dipundut kitu ku Allah, supaya jelema-jelema anu paralung kabekem sungutna ku kalakuan aranjeun anu hade.

[16] Kudu boga jiwa merdeka, tapi kamerdekaanana ulah salah dipakena. Ulah dipake keur nyimbutan kama'siatan. Sabalikna, kamerdekaan teh kudu dipake pikeun kumureb ka Allah.

[17] Unggal jalma kudu diajenan; sing ha'at ka dudulur; sing gimir ka Allah jeung sing hormat ka Pamingpin Nagara.

[18] Anu eukeur kumawula masing ngesto jeung ajrih ka dunungan, boh dunungan bageur, boh rewel jeung bengis.

[19] Upama aranjeun, — lantaran aya karumasaan ka Pangeran — kuat ku lara anu asalna lain tina kasalahan sorangan, tangtu ku Mantenna dipaparin rahmat.

[20] Ari sabar ku pameupeuh lantaran balukar tina kasalahan sorangan mah, naon pujieunana? Sabalikna, upama nyorang lara teh ku lantaran milampah anu hade, — tur sabar nandanganana — tangtu aya pahlana ti Allah.

[21] Aranjeun nu matak disaur ku Mantenna teh, nya keur eta tujuanana. Al Masih ku anjeun nandang sangsara teh lantaran dosana manusa. Anjeunna geus maparin conto anu kudu ditulad ku aranjeun.

[22] Tara teh teuing Anjeunna mah midamel dosa atawa cidra.

[23] Ana aya anu nyapa, tara kersaeun malik nyapa. Diteungteuinganan oge, tara kersaeun ngancam, estu sumerah ka Allah anu nyepeng hukum adil.

[24] Dosa-dosa urang ku Anjeunna ditanggel nyalira dina salib-Na, malar urang dipaehkeun tina dosa sarta dihirupkeun dina kayaktian. Tatu-tatu salira-Na geus ngajadikeun dulur-dulur waras waluya.

[25] Bareto, dulur-dulur teh lir domba anu kasarung; ayeuna enggeus kapanggih, balik ka Gusti Panuyun, anu ngaraksa jeung ngariksa hirup aranjeun.

1 Petrus — Chapters